| Topik sateuacanna :: Topik salajengna |
|
| Pangintun ti |
Pesen |
|
jungjunan Admin


Ngiring ti basa: 02 Sep 2007 Seseratan: 984 Lokasi: Ciparay, Bandung - Bekasi
|
Dikintun: Min Jan 03, 2010 11:10 pm Judul: Muhamad Musa |
|
|
Muhamad Musa, atawa, mun lengkep jeung gelarna, Radén Haji Muhamad Musa (1822 - 10 Agustus 1886), pangarang nu ngaluluguan kasusastran citak Sunda, ulama, sarta inohong Sunda abad ka-19.
Muhamad Musa dibabarkeun di Garut salaku turunan ménak, anak Radén Rangga Suryadikusumah, Patih Kabupatén Limbangan. Munggaran meunang atikan formal ti pasantrén di Purwakarta. Geus kungsi munggah haji ka Mekah nalika ngora, diajak ku bapana. Kungsi nolak tawaran Pamaréntah Hindia Walanda sangkan jadi kapala gudang, anjeunna milih widang kaagamaan. Sanggeus jadi panghulu, taun 1864 anjeunna diangkat jadi panghulu besar (Wal. Hoofdpanghoeloe) Kabupatén Limbangan nepi ka maotna.
Muhamad Musa sosobatan dalit pisan jeung K. F. Holle, pangusaha perkebunan entéh bangsa Walanda di Cikajang, nu naséhat-naséhatna ngeunaan bangsa pribumi (utamana Parahiangan) ka Pamaréntah Hindia Walanda diaku/dipercaya pisan.
Dalitna Musa jeung Holle nguntungkeun Musa, utamana tina campur gaulna jeung bangsa Walanda. Musa ku Pamaréntah Hindia Walanda dipercaya pisan, nepi ka ku jasana ka pamaréntah, kungsi dijangjian kalungguhan pikeun kulawargana nepi ka tujuh turunan. Tina dalitna jeung Holle ogé Musa bisa ngembangkeun bakat nulis/ngarangna sahingga karya-karyana (boh pituin atawa saduran/tarjamah) bisa dicitak nepi ka rébuan éksemplar di Jakarta.
Ti antara para putrana, nu kawarisan bakat/ karesep nyerat nyaéta Lasminingrat jeung Kartawinata.
Karya-karyana:
Karya Muhamad Musa pangmashurna nyaéta Wawacan Panji Wulung nu munggaran dicitak taun 1871. Karya-karya séjénna nu dicitak di antawisna,
* 1862: Wawacan Raja Sudibya, Wawacan Wulang Krama, Wawacan Dongéng-dongéng, Wawacan Wulang Tani;
* 1863: Carita Abdurahman jeung Abdurahim, Wawacan Seca Nala;
* 1864: Ali Muhtar, Élmu Nyawah;
* 1865: Wawacan Wulang Murid, Wawacan Wulang Guru;
* 1866: Dongéng-dongéng nu Aranéh;
* 1867: Dongéng-dongéng Pieunteungeun;
* 1872: Wawacan Lampah Sekar;
* 1881: Santri Gagal, Hibat.
Dicandak ti: Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda _________________ .: CikaRaCaK NinGgaNg HaTe :.
Www.LiezMaya.Web.ID
Www.PhotoShopku.Com |
|
| Uihan deui ka luhur |
|
 |
|
midun Riungers Sajati


Ngiring ti basa: 01 Apr 2008 Seseratan: 1467 Lokasi: ciamis~tasik~bandung~tangerang
|
Dikintun: Sen Jan 04, 2010 9:54 am Judul: |
|
|
mana atuh bukuna _________________ nguntun tipung duduluran, ngépang tatali mimitran dina kaakraban |
|
| Uihan deui ka luhur |
|
 |
|
neneng Riungers Sajati

Ngiring ti basa: 21 Sep 2008 Seseratan: 987 Lokasi: Sacramento, California - USA
|
Dikintun: Rab Jan 06, 2010 2:30 pm Judul: |
|
|
muhun, mana atuh .............hehehe....tuturut embe....  |
|
| Uihan deui ka luhur |
|
 |
|
jungjunan Admin


Ngiring ti basa: 02 Sep 2007 Seseratan: 984 Lokasi: Ciparay, Bandung - Bekasi
|
Dikintun: Rab Jan 06, 2010 6:40 pm Judul: |
|
|
| neneng wrote: | muhun, mana atuh .............hehehe....tuturut embe....  |
bukuna mah pilari w di pustaka sunda bandung gera
beu gusti kang midun téh ternyata embe dimata téh neneng  _________________ .: CikaRaCaK NinGgaNg HaTe :.
Www.LiezMaya.Web.ID
Www.PhotoShopku.Com |
|
| Uihan deui ka luhur |
|
 |
|
enday Riungers Sajati

Ngiring ti basa: 28 Nov 2008 Seseratan: 317 Lokasi: bogor
|
|
| Uihan deui ka luhur |
|
 |
|
|
Anda tidak dapat mengirim topik Anda tidak dapat menjawab topik Anda tidak dapat mengubah pesan Anda Anda tidak dapat menghapus pesan Anda Anda tidak dapat mengikuti polling
|
|
|