| Topik sateuacanna :: Topik salajengna |
|
| Pangintun ti |
Pesen |
|
six4sep moderator

Ngiring ti basa: 12 Feb 2008 Seseratan: 205 Lokasi: ho chi minh city VN.
|
Dikintun: Kam Ags 07, 2008 3:33 am Judul: basa sunda antik |
|
|
Basa Sunda memang rada antik. jiga kecap "Hukum Mati" kaasup kecap anu hese
disundakeunana. Tapi, teu nanaon, cobaan wae masyarakatkeun "hukum
paeh", sugan lalaunan aya parobahan harti tina hukum anu paeh jadi
"hukum mati" sakumaha dina Basa Indonesia.
Aya deui anu "aneh" dina Basa Sunda, nyaeta kecap "maneh" . Kecap
"maneh" dina Basa Sunda bisa maksudna nuduhkeun jelema kahiji (anu
keur ngomong, hadir atawa lain anu diomongkeun), bisa jelema kadua
(anu keur diajak ngomong, hadir atawa lain anu keur diomongkeun), tapi
bisa oge hartina kecap gaganti tina kecap "diri" atawa "sorangan".
Contona, patali pisan jeung urusan maot, aya dina kecap "maehan
maneh". Jadi, basa Sunda-na "bunuh diri" téh - lain "maehan anjeun"
hehehe, tapi "maehan maneh". Tah ieu anu dimaksud basa Sunda antik
téh.
dicatut ti kisunda yahoo.group seratan bp omanAR _________________ ============
(¯`·._.•six•._.·´¯)
============ |
|
| Uihan deui ka luhur |
|
 |
|
ci'ung Nembean Sumping
Ngiring ti basa: 13 Nov 2009 Seseratan: 2 Lokasi: Jakarta
|
Dikintun: Jum Nov 13, 2009 1:22 pm Judul: Re: basa sunda antik |
|
|
| six4sep wrote: | Basa Sunda memang rada antik. jiga kecap "Hukum Mati" kaasup kecap anu hese
disundakeunana. Tapi, teu nanaon, cobaan wae masyarakatkeun "hukum
paeh", sugan lalaunan aya parobahan harti tina hukum anu paeh jadi
"hukum mati" sakumaha dina Basa Indonesia. |
bade usul ah.. kanggo 'nyundakeun' hukum mati mah..tibatan 'hukum paeh' asa langsung merenah nganggo kecap 'hukum pati'...
eta oge saukur pamendak kuring... :D |
|
| Uihan deui ka luhur |
|
 |
|
|
Anda tidak dapat mengirim topik Anda tidak dapat menjawab topik Anda tidak dapat mengubah pesan Anda Anda tidak dapat menghapus pesan Anda Anda tidak dapat mengikuti polling
|
|
|